Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta,
sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu
maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku
kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka
bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun
hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara,
simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta
diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet
atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di
unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba
warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet
nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di
internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang
ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon
hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di
jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina
informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna
sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa
dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung
salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet minangka
sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs
– situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna.
Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka
ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan
diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar